Assalamualaikum Wr.wbr, ...Hapunten ka sadayana, simkuring urang Calung ngahaja ngadamel blog dipasihan judul " Kampoeng Caloeng", judul blog ieu ngenaan hiji lembur anu ayana di wilayah Desa Karangmulya Kecamatan Telukjambe Barat Kabupaten Karawang Propinsi Jawa Barat, Indonesia. Sok sanaos ieu wilayah ayana dipasisian beulah kidul Kabupaten Karawang, nanging kanggo masyarakatna mah teu hoyong katinggaleun jaman sareng lembur-lembur sejen anu aya disabudereunnana.
Secara geografis Letak di Latitude 107.2345,-6.346843 Kampung Calung diapit ku sababaraha lembur, boh sareng lembur nu sadesa atanapi benten desa, di palih wetan watesna teh Kampung Jati Desa Karangligar watesna walungan Cidawolong, di palih kidul watesna sareng lembur Dawolong masih sadesa, di palih kulon watesna lembur Pasirjengkol masih keneh sadesa sareng di palih kaler watesna teh sareng lembur Cibeureum Desa Karangligar. Ti saprak aya pemekaran kecamatan di Telukjambe, lembur kuring teh jadi rame, sababna mah di lelewek sim kuring kapeto janten pamilon pamarentah kabupaten dijantenkeun ibukota Kacamatan Telukjambe Barat, janten we lembur teh kaasup wilayah perkotaan, henteu kampungan teuing kiteuh, nu kasebat jaman baheulana estuning lembur teh euweuh kamajuan pisan. Meureun ari geus ngota mah rahayatna janten motekar.


Naon sabab blog ieu dinamian " Kampoeng Caloeng", nya tadina mah ngaran lembur teh asing kaluar daerah mah, jeung baheula mah nyarebut lembur sorangan teh era cenah, pajarkeun teh bisi dianggap tukang "Nyalung" atawa panjak "Calung". Tapi aya oge nu ngomong yen lembur calung teh baheula asalna tina kebon ronggos awi hideung atawa awi ater anu sok dijieun alat seni calung, bener henteuna duka teh teuing jeung aya oge nu nyeujarahkeun Kampung Calung teh kaasup leuleuweuk "Kandang Sapi (Tegalwaru Landen)" di Waringinpitu (Telukjambe, ayeuna) saenggeusna kota Karawang jadi Kadipaten dibawah kakawasaan Sumedanglarang anu mimiti ibukotana teh di Udug-udug, Kecamatan Ciampel ayeuna mah, sajarah ieu kungsi ku simkuring dibaca dina tulisan salah sahiji media yen ngabentukna Karawang kantos disawalakeun atawa dibadamikeun dihiji tempat nu ayeuna mah kampung Badami nu dipimpin ku Aria Singaperbangsa II atawa Aria Panatayudha (Aria Wirasuta), nu saterasna anjeuna nalika bade ka Tegalwaru (Pangkalan) kantos ngawengi di hiji gubug bambu di hiji lembur nu ayeuna mah Kampung Calung, tapi nu dumuk mah memang lembur teh taun ka taun aya perobahan, pangutamana mah dina rarancang lembur teh lain wungkul dijeun tempat tatanen di sawah atau ngahuma di tegal, ayeuna mah geus ting jarenggleng pausahaan dina sagala widang, pikiran masyarakatna oge geus "Motekar' henteu dianggap jalma cauleun, kuuleun atawa bodo, boh kolot atawa budak ayeuna mah daek rancage gawe di pabrik, di instansi-instansi pamarentah atawa swastanisasi, aya oge anu rancage ngahaja muka pagawean Kewirausaan boh dina widang perbengkelan mobil, motor atawa elektronik. Matak kitu oge masyarakatna geus loba merhatikeun kamajuan Sumber Daya Manusana (SDM) disagigireun merhatoskeun SDA, Mupunjulkeun judul blog ieu kana ngaran tempat atawa lembur simkuring pribados, sanes hartosna mayunkeun sifat Individual egoistis kana sifat kadaerahan, teu kenging suuzhon, nanging supados dimana simkuring neangan blog teh cekap we ingeutan teh ka lembur simkuring, pan kitu mah babari neanganna dina browser internet ngaliwatan International Networking (INTERNET), matak mun mere judul blog ulah pisan sarua jeung judul blog nu sejen, bisa-bisa salah sahijina atawa duanana dihapus tina server pusatna, Sakieu we ti Simkuring ....Wassalam.| Cari Lokasimu : KLIK |
Herman Permana El-hakiem


.jpg)









0 Comments