Al-quran, mangrupakeun hiji kitab suci cepengan umat islam, tos pada uninga yen kitab Al-quran teh anu dilungsurkeun ka nabiyulloh Muhammad SAW, keur umat islam nu boga iman, Al-quran penting pisan, pangutamana keur pedoman hirup, boh dina urusan kadunyaan atawa masalah "Ukhrowi" Langkung ti kitu kanggo jalmi-jalmi nu gaduh kayakinan ka Alloh SWT, Al-quran teh sanes kanggo aoseun hungkul nanging Al-quran peryogi pisan diteleman ku urang sabage kaum muslimin, pangpangna mah kanggo bekel urang engke di aherat, rek iraha deui atuh diajar maca jeung neuleuman kitab suci ieu. Kumaha hukumna anggapan umat islam nu iman kana kitab Al-quran, nya hukumna mah "wajib" Salian kaasup salah sahiji rukun iman, jelas Al-quran teh peryogi diraksa, dibaca sareng diamalkeun. Nah dina ngenaan hal ieu, sim kuring mintonkeun halaman ieu keur neuleuman Al-quran ngaliwatan aosan salah sahiji qori internasional anu namina teu birek deui Syaikh Mishari Al-Falasy, mangga titenan. Saumpama ki semah peryogi pisan audiona, unduh wae ngalangkungan kaca blog simkuring, tah kantun KLIK we di dieu, cekles kadinya.












0 Comments