Ago term the "Caloeng" Kira-kirana kitu meureun ceuk basa deungeunna mah, "Kenangan masa lampau" kacida matak sedih jeung matak balangsak mun ngalaman model kaayaan kieu, teu kitu kumaha urang cicing di lembur anu jauh singkur jauh kaditu kadieu. Katambah mun keur usum ngijih, mana hujan teu orot-orot bari jeung dordarna sora gelap, jaman kiwari mun hujan aya payung, aya jas hujan atawa tempat ngiuhan. Harita jaman beh tukang, mun usum ngijih mitembeyan nyakitu jaba awak cinutnut kabulusan oge beuteung kukurubukan hayang baranghakan,kiteuh. Di kota harita najan hujan breg-bregan moal ieuh jareblog jalan jeung buruan imah, kaharti jalan jeung gangna oge geus dipelester atawa di beton, tapi di lembur model di kuring jaman katukang, jaba hujan ngecrek, walungan-walungan caraah katambah kahakanan oge arang langka kapanggih, nya paling oge bubuy hui atawa beuleum sampeu, tapi bari jeung kitu ge, iih..., kacida nimatna, sok komo mun eta beuleum sampeu dicocolkeun kana gula kawung, widiiiih, Nimat pisan kiteuh.











0 Comments